Ngadunga hartina naon
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Ngadunga teh hartina ngadu'a atawa ngado'a. Tarjamahan dina basa Indonesia mah ngadunga teh hartina sarua jeung "berdo'a". Conto kalimah basa Sunda anu ngagunakeun kecap ngadunga nyaeta saperti "Hayu urang ngadunga ka Gusti Allah, mugi-mugi urang sadayana dipasihan rejeki anu barokah".
Geuning sok aya kalimah kieu "Pa, nyuhunkeun pidu'ana simkuring bade mios ka dayeuh enjing", terus bapana ngajawab "Enya, sok ku bapa teh hidep didungakeun pisan, sing salamet di jalan jeung hasil maksud". Jadi, dina basa Sunda mah kecap anu kuduna "ngadu'a" teh jadi "ngadunga", atawa kecap "didu'akeun" jadi "didungakeun".
Belajar lebih banyak tentang "Tarjamahan" dalam bahasa Sunda di :
https://brainly.co.id/tugas/12691305
https://brainly.co.id/tugas/12719853
https://brainly.co.id/tugas/12057187
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Tarjamahan
Kelas : XII (3 SMA)
Kata Kunci : Tarjamahan, ngadunga, ngadu'a