tolong dijawab berilah satu pidato tentang apa saja berbahasa sunda
Sejarah
Shitanyajawabanthea
Pertanyaan
tolong dijawab berilah satu pidato tentang apa saja berbahasa sunda
1 Jawaban
-
1. Jawaban meylani275
Assalamu’alaikum wr wb.
Langkung tipayun hayu urang panjatkan puji sareng syukur ke hadirat ilahirabbi nu mana kalayan hidayah dan inayahna, urang samudayana tiasa kumpul ngariung dina ieu tempat anu mulya kalawan dina kaayaan anu sehat wal afiat.
Para wargi anu ku simkuring dipihormat.
Dina ieu waktos, simkuring nyuhunkeun widi kangge nerangkeun perkawis pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadayana wajib ngajaga kana kasehatan sareng lingkungan nyalira supados urang sadayana tiasa ngajaga tina datangna panyakit anu teu dihareukeun.
Sakumaha ungkapan dalam bahasa Indonesia yaitu “ Lebih baik menjegah daripada mengobati”
Tah kumargi kitu urang sadayana kudu tiasa ningkatkeun pola kahirupan anu sehat ameh t moal aya bibit bibit pipanyakiteun anu bakal nimpa kana kasehatan urang samudayana.
Dina sallah sahiji hadis dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad diterangkeun bahwasana
Anna dhofatu minal iman
Hartosna teh nyaeta : “ Kabersihan teh sabagian tina Iman”
Salaku jalma anu boga kaimanan kudu ngabogaan oge rasa kabersihan boh eta bersih hate atanapi bersih awak atanapi lingkungana. Sakumaha hadist anu disebutkeun tadi bahwasana kabersihan sabagian tina iman anu mana lamun aya jalma ngaku iman tapi dina kahirupan sapopoena hentu nerapkeun kahirupan anu bersih maka lain termasuk jalma anu beriman.
Tah kumargi kurangna rasa kabersihan anu aya dina diri mangrupakeun panyakit anu awal akhirna matak ngarusak kaimanan jeung kasehatan awak oge lingkungan.
Terus deui salaku muslim anu ngagaduhan iman dina manahna. Upami urang leres leres iman ka Gusti Allah Swt, berarti urang diwajibkeun ngajaga kasucian sareng kabersihan tina sagala kokotor anu narempel boh eta anu disebut hadas alit atanapi hadas ageung, anu mana matak nyebabkeun kaayaan urang anu teu suci.
Baca Juga Cara Membuat Lilin Hias Lengkap dengan Jenis- jenis Lilin Hias, Terapi
Kaayaan bersih didinya nyaeta anu didasarkeun tina bersih sareng sucina urang sareng lingkungan anu aya di sakitar urang. Kabersihan sakola kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang oge milu bersih.
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani.
Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien…
Hayu urang sadayana ningkatkeun pola hirup kalawan anu sehat, kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih ningkatkeun kana ibadah ka Gusti Allah Swt nu Maha Welas tur Maha Asih.
Para wargi anu mulya.
Panginten cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Wassalammu’alaikum Wr. Wb.
semoga bermanfaat :)
maaf kalo salah